Dreams are renewable. No matter what our age or condition, there are still untapped possibilities within us and new beauty waiting to be born.

-Dale Turner-

Sunday, September 26, 2010

Day #11 "Sebuah Obrolan"


A : “Anjis, nyeri goblog...”

B : “Yeee, kalem heula, naha bisa parah kieu sih?”

A : “Biasa we lah, aink ngaliwat si eta na melongkeun kitu, nya geus we hajar langsung”

B : “Naha maneh nu cilaka, kan maneh nu ngahajar?”

A : “Enya, tapi pas loba barudakna, urang sorangan”

B : “Tolol siah, geus nyaho lobaan naha di serang?”

A : “Nya panas we, keur ngaliwat naek motor teh, ditingalikeun, kumaha teu ngenes?”

B : “Barudak mana sih?

A : “Teuing lah, jigana mah nu kamari ribut jeung si Jek, soalna bendera na sarua”

B : “Keur naraon manehna?

A : “Mabok we biasa, da loba botol kitu lah”

B : “Trus kumaha, bales wae kitu? Kedeung deui oge ngarumpul, langsung we berangkat”

A : “Enya lah, serang balik, rek mawa sabaraha motor? 10 motor cukup mereun?”

B : “Cukup lah, samurai kumaha? mawa teu? Stik bisbol aya oge kan?”

A : “Kalem we, samurai mah, si Otong aya stok, nu kamari kan dicokot polisi anjink eta.”

B : “Si Otong mah babehna aparat, jadi gampang pistol oge aya lah”

A : “ Ai si Codet kamana? Perasaaan aya kasus kamari teh?”

B : “He eh, pas keur konvoy minggu kamari teh, ditangkep gara gara ngarusak Minimarket”

A : “Naha Minimarket diserang? Aya musuh kitu?”

B : “Teu, iseng we bari ngejarah roko jeung nginum mah lumayan kan”

A : “Ah koplok si eta mah atuh, geus nyaho aya CCTV, nekat keneh”

B : “Geus nginum we, si eta mah kan rehe kalo mabok”

A : “Eh, ospek budak anyar jadina dimana?”

B : “Si Bos mah kemari bebeja, paling ti dieu ka Pangandaran lah”

A : “Lampu jeung rem dicabut, jiga biasa?”

B : “Iya lah, eta mah kudu, trus dibates waktunya ayeuna mah mah”

A : “Geblek, mun aya nu paeh kumaha?

B : “Ah bae we, nya resiko, mun rek gabung kudu gede wani”

A : “Bener oge, trus ngke diditu di gelut keun, jiga taun kamari?”

B : “Jigana mah kitu, kumaha si Bos we lah”

A : “Sip lah rame mun kitu. Anjink... Perih, lalaunan atuh”

B : “Tuh geus beres, ganti duit aink keur meuli perban jeung Betadine ah”

A : “Nyantai we, rek malak budak SMP heula, ngke dibayar lah, mun meunang loba”

B : “Bener siah nya? Eh tah, barudak datang, hayu ah langsung, Tonk poho eta Bir dibawa”

A : “Sip, hayu”




diinspirasi dari maraknya geng motor di kota Bandung yang sempat berulah di hari jadi Kota Bandung yang Ke-200 pada tanggal 25 September 2010

bagi yang kurang mengerti bahasa sunda bisa di lihat disini edisi bahasa indonesia

1 comment: